" KURING REUEUS JADI URANG SUNDA" Mangrupikeun hiji komunitas atanapi wadah pikeun urang sadayana silaturahmi didunia maya, sanes ormas, lsm, atanapi wadah kanggo politik, ieu mah 100% silaturahmi. Didirikeun tanggal 12 januari 2012 di bagendit. Sakedik ngaguar hartosna reueus " REUEUS " nyaeta hartosna ngaraos bagja atanapi bingah, upami dina Bahasa indonesiana mah "bangga" Reueus jadi urang Sunda lain hartina nepak dada, jajauheun tina sipat angkuh ngaraos langkung punjul tibatan seler sejen. Ieu mah pilakadar nembongkeun jatidiri yen urang teh pituin urang Sunda, seler Sunda. Ulah dugi ka pagentos janten "KURING BANGGA JADI URANG SUNDA" Upami "BANGGA" Hartosna ngagambarkeun harese atanapi beurat dina hiji padamelan atanapi masalah. Seueur nu tiasa dipika REUEUS janten urang sunda salah sawios REUEUSNA ku : ● Basa sunda nu beunghar, seueur undak usuk basana ● Jalmina Katelah Someah, handap asor kasasama ● Seueur rup...
KURING REUEUS JADI URANG SUNDA (KRJUS)